Sampurasun!
Rupaning kaulinan barudak lembur dipintonkeun ku barudak kelas 7 8 9 dina kagiatan Rebo Maneuh di Sunda di sakola
Barudak sarurak basa ningali nu ngajleng maén karét Mi dada teu keuna kana karét nu diluncatanana, wiih hébat bisaan cenah, bari kaleprok!
Yuu.. ah! barudak ramékeun kabiasaan arulin bari saruka bungah!..
Sanajan kawatesanan ku média, barudak bisa arulin di sakola unggal Poe Rebo.
Kaulinan anu dipintonkeun di sakola saperti Galah asin, cacaburangé, endog-endogan, ucing-ucingan, dam-daman, hahayaman minangka salah sahiji kamonesan anu kudu dipikawanoh ku barudak jaman kiwari.
Ari tujuanna mah pikeun nuwuhkeun karakter sosial, gawé bareng, sauyunan ogé kalangenan atawa hiburan téa.
Cag!