🌿 REBO MANEUH DI SMPN 5 PURWAKARTA 🌿
Dinten Rebo janten waktos anu istiméwa pikeun murid-murid SMPN 5 Purwakarta ngamumulé budaya Sunda. Dina kagiatan Rebo Maneuh, barudak diajak ngagunakeun basa Sunda, mikawanoh sareng ngalaksanakeun kabiasaan anu luyu sareng ajén-inajén budaya Sunda.
Ngaliwatan kagiatan ieu, murid diajar pikeun reueus kana budaya sorangan, silih ajénan, someah, sareng ngajaga tatakrama dina kahirupan sapopoe.
Hayu urang babarengan ngamumulé basa sareng budaya Sunda, sangkan teu leungit ku jaman sarta tetep hirup di tengah-tengah generasi ngora. 🌾💚
“Urang Sunda, urang ngamumulé budayana.”