Sampurasun!
Di lapang sakola barudak ngarumpul kalayan sumanget. Maranéhna midangkeun rupa-rupa kaulinan tradisional, saperti ucing sumput,oray-orayan, bebentengan, cacaburangé, cingciripit, hahayaman.
Kaulinan tradisional téh lain ngan saukur pikeun hiburan, tapi ogé pikeun ngalatih kaparigelan, tur gawé bareng Nembongkeun sauyunan ngarasakeun kahadean kaulinan buhun anu geus diwariskeun ti kolot baheula.
Lewih ti éta, Rebo Maneuh di Sunda henteu ngan ukur kagiatan arulin tapi ogé cara pikeun ngajaga warisan budaya Sunda. Ku cara ieu, barudak tiasa ngamumulé jeung ngajaga kabudayaan sorangan, sangkan henteu leungit ti jaman ka jaman
Cag!