Sampurasun!
Cingciripit
Satulang sabajing
Saha nu kajepit
éta ucing
Rumpaka Kawih *Cingciripit* téh lagu anu basajan, barudak mah gampang apal.
Dilakukeun bisa ngariung bari dariuk méh merenah.
Kitu ungkara nu dikawihkeun ku barudak pikeun nangtukeun éléh atawa meunang, saméméh maén.
Salian ti cingciripit saméméh arulin, barudak sok suten heula, bisa ogé hompimpah..
Aya karakter nu dituwuhkeun dina kawih cingciripit, nya éta kudu ati-ati dina laku jeung paripolah sangkan jauh tina hal-hal nu sipatna goréng.
Rebo maneuh di Sunda hiji pembiasaan nu kudu dipikaresep kapan arulin bari diajar ngawih tangtuna gé!
Yuu ah barudak!..
Cag!